1. Home
  2. Docs
  3. TQN Suryalaya
  4. Tanbih
  5. Bahasa Sunda

Bahasa Sunda

Bismillâhir Rahmânir Rahîm.

Ieu pangéling-ngéling ti Pangersa Guru Almarhum, Syaikh Abdullah Mubarok bin Nur Muhammad, panglinggihan di Patapan Suryalaya Kajembaran Rahmaniah. Dawuhanana khusus kanggé ka sadaya murid-murid pameget, istri, sepuh, anom, muga-muga sing ginanjar kawilujengan, masing-masing rahayu sapapanjangna, ulah aya kebengkahan jeung sadayana.

Ogé nu jadi Papayung Nagara sina tambih kamulyaanana, kaagunganana tiasa nangtayungan ka sadaya abdi-abdina, ngauban ka sadaya rakyatna dipaparin karaharjaan, kajembaran, kani’matan ku Gusti Nu Maha Suci dlohir bathin.

Jeungna sim kuring nu jadi pananyaan Thariqah Qadiriyah Naqsyabandiyah, ngahaturkeun kagegelan wasiat ka sadaya murid-murid poma sing hadé-hadé dina sagala laku lampah, ulah aya carékeun agama jeung nagara.

Eta dua-duanana kawulaan sapantesna samistina, kudu kitu manusa anu tetep cicing dina kaimanan, tegesna tiasa ngawujudkeun karumasaan terhadep agama jeung nagara ta’at ka Hadorot Ilahi nu ngabuktikeun paréntah dina agama jeung nagara.

Inget sakabéh murid-murid, ulah kabaud ku pangwujuk napsu, kagendam ku panggoda syétan, sina awas kana jalan anu matak méngparkeun kana paréntah agama jeung nagara sina telik kana diri bisi katarik ku iblis anu nyelipkeun dina bathin urang saréréa.

Anggurmah buktikeun kahadéan sina medal tina kasucian:

Kahiji: Ka saluhureun ulah nanduk boh saluhureun harkatna atawa darajatna, boh dina kabogana, éstu kudu luyu akur jeung batur-batur.

Kadua: Ka sasama tegesna ka papantaran urang dina sagala-galana ulah rék paséa, sabalikna kudu rendah babarengan dina enggoning ngalakukeun paréntah agama jeung nagara, ulah jadi pacogrégan pacéngkadan, bisi kaasup kana pangandika “ADZAABUN ALIIM”, anu hartina jadi pilara salawasna, ti dunya nepi ka akhérat (badan payah ati susah).

Katilu: Ka sahandapeun ulah hayang ngahina atawa nyieun deleka culika, henteu daék ngajénan, sabalikna kudu héman, kalawan karidloan malar senang rasana gumbira atina, ulah sina ngarasa reuwas jeung giras, rasa kapapas mamaras, anggur ditungtun dituyun ku naséhat anu lemah lembut, nu matak nimbulkeun nurut, bisa napak dina jalan kahadéan.

Kaopat: Kanu pakir jeung miskin kudu welas asih soméah, tur budi beresih, sarta daék méré mawéh, nganyatakeun haté urang saréh. Geura rasakeun awak urang sorangan kacida ngerikna ati ari dina kakurangan. Anu matak ulah rék kajongjonan ngeunah déwék henteu lian, da pakir miskin téh lain kahayangna sorangan, éstu kadaring Pangéran.

Tah kitu pigeusaneun manusa anu pinuh karumasaan, sanajan jeung séjén bangsa, sabab tungal turunan ti Nabi Adam as. Numutkeun ayat 70 surat Isro anu pisundaeunana kieu:

“Kacida ngamulyakeunana Kami ka turunan Adam, jeung Kami nyebarkeun sakabéh daratan ogé lautan, jeung ngarizkian Kami ka maranéhanana, anu aya di darat jeung lautan, jeung Kami ngutamakeun ka maranéhanana, malah leuwih utama ti mahkluk anu séjénna.”

Jadi harti ieu ayat nyaéta akur jeung batur-batur ulah aya kuciwana, nurutkeun ayat tina surat Almaidah anu Sundan “Kudu silih tulungan jeung batur dina enggoning kahadéan jeung katakwaan terhadep agama jeung nagara, soson-soson ngalampahkeunana, sabalikna ulah silsih tulungan kana jalan perdosaan jeung permusuhan terhadep parentah agama jeung nagara.”

Ari sebagai agama, saagamana-saagamana, nurutkeun surat Al-Kafirun ayat 6: “agama anjeun keur anjeun, agama kuring keur kuring”. Surahna ulah jadi papaséaan kudu akur jeung batur-batur tapi ulah campur baur. Geuning dawuhan sepuh baheula “Sina logor dina liang jarum, ulah sereg di buana”.

Lamun urangna henteu kitu tangtu hanjakal di akhirna. Karana anu matak tugeunah terhadep badan urang masing-masing éta téh tapak amal perbuatanana. Dina surat Annahli ayat 112 diunggelkeun anu kieu:

“Gusti Allah geus maparin conto pirang-pirang tempat, boh kampungna atawa desana atawa nagarana, anu dina éta tempat nuju aman sentosa, gemah ripah loh jinawi, kaki-kari pendudukna (nu nyicinganana) teu narima kana ni’mat ti Pangéran, maka tuluy baé dina éta tempat kalaparan, loba kasusah, loba karisi jeung sajabana, kitu téh samata-mata pagawéan maranéhanana”.

Ku lantaran kitu sakabéh murid-murid kudu arapik tilik jeung pamilih, dina nyiar jalan kahadéan lahir bathin dunya akhérat sangkan ngeunah nyawa betah jasad, ulah jadi kabengkahan anu disuprih “CAGEUR BAGEUR”.

Teu aya lian pagawéan urang saréréa Thariqah Qadiriyah Naqsyabandiyah amalkeun kalawan enya-enya keur ngahontal sagala kahadéan dlohir bathin, keur nyingkahan sagala kagoréngan dlohir bathin, anu ngeunaan ka jasad utama nyawa, anu dirungrung ku pangwujuk napsu, digoda ku dayana sétan. Ieu wasiat kudu dilaksanakaeun ku sadaya murid-murid, supaya jadi kasalametan dunya rawuh akhérat.

Patapan Suryalaya, 13 Februari 1956
Ieu Wasiat kahatur ka sadaya akhli-akhli

(KH. A. Shohibulwafa Tajul Arifin)

Apakah ini bermanfaat? Ya 19 Tidak

Kontak kami.